Sony Xperia E4 Dual - Setelan kamera video

background image

Setelan kamera video

Pikeun nyaluyukeun setelan kamera video

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok salah sahiji ikon setelan dina layar.

3

Pikeun mintonkeun sadaya setelan, ketok .

4

Pilih setelan nu Anjeun hoyong saluyukeun, teras jieun perobahan Anjeun.

Tinjauan setelan kamera video

Resolusi video

Saluyukeun resolusi video kanggo pormat nu beda-beda.

HD Lengkep

1920×1080(16:9)

Pormat Full HD (Depinisi Gede) sareng perbandingan aspek 16:9.

HD

1280×720(16:9)

Pormat HD (Depinisi Gede) jeung perbandingan aspek 16:9.

VGA

640×480(4:3)

Pormat VGA sareng perbandingan aspek 4:3.

MMS

Rekam video nu cocog kanggo dikirim dina talatah multimedia. Waktu ngarekam pormat video ieu diwatesan

supados fayil videona tiasa pas dina talatah multimedia.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangatur waktu otomatis

Make timer otomatis anjeun bisa ngarekam video tanpa kudu nyekel alat. Pake timer

otomatis eta pikeun ngarekam video grup dimana sadaya jelema bisa aya dina video.

Anjeun oge bisa make pangatur waktu otomatis pikeun nyegah goyangan sawaktos keur

ngerekam video.

Hurung (10 detik)

Setel ka waktu reureuh 10 detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

Hurung (2 detik)

Setel ka waktu reureuh 2 detik sawaktos Anjeun ngetok layar kamera nepi ka video mimiti direkam.

Pareum

Video mimiti ngarekam langsung sanggeus anjeun ngetok layar kamera.

87

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Smile Shutter™(video)

Pake pungsi Smile Shutter™ pikeun nangtukeun jinis keom nu kumaha nu bakal dipake

kamera sateuacan ngarekam video..

Modeu Pokus

Pokus ngadalikeun bagean mana dina video nu kudu jelas. Sawaktos pokus otomatis

terus dihurungkeun, kamera bakal terus nyaluyukeun pokus supados wewengkon nu aya

di jero pigura pokus bodas tetep tajem.

Pokus otmts hiji

Kamera sacara otomatis pokus ka subjek nu dipilih. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Deteksi beungeut

Kamera sacara otomatis ngadeteksi nepi ka lima rupa manusa, ditandaan ku pigura nu aya dina layaran.

Kamera bakal otomatis pokus ka rupa nu pangdeukeutna. Anjeun oge bisa milih rupa mana nu dipokuskeun

ku cara ngetok rupa eta dina layar. Sawaktos anjeun ngetok layar kamera, hiji pigura koneng mintonkeun

raray mana nu dipilih sareng nu dipokuskeun. Deteksi rupa teu bisa dipake kanggo sakabeh jinis

pamandangan. Pokus otomatis terus dihurungkeun.

Lacak objek

Upami anjeun milih objek ku cara nyentuh dina viewfinder, kamera ngalacak objek eta kanggo anjeun.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangukuran

Pungsi ieu sacara otomatis nangtukeun paparan nu saimbang-sae ku cara ngukur cahya

nu ngahalangan gambar nu anjeun hoyong candak.

Tengah

Saluyukeun paparan ka bagean tengah gambar.

Rata-rata

Etang paparan dumasar jumlah cahya dina sadaya gambar.

Spot

Saluyukeun paparan di bagean gambar nu pangleutikna nu hayang dipoto ku anjeun.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

Pangajeg video

Sawaktos ngarekam video, nyekel alat sing ajeg hese dilampahkeun. Pangajeg mantuan

anjeun ku cara nahan gideg leungeun nu panglaunna.

Mikropon

Pilih lamun bade nyandak sora sakuliling basa keur ngerekam video.

Tilik

Anjeun bisa milih jang nilik video saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Hurung

Panilikan video nembongan saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Edit

Video langsung kabuka jang diedit saenggeus Anjeun nyokot gambar.

Pareum

Video disimpen saenggeus Anjeun nyokot gambar, jeung moal aya panilikan nembongan.

88

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Lampu kilat

Pake lampu pikeun ngarekam video nuju kondisi cahya kirang atawa nuju teu aya lampu

tukang. Ikon lampu kilat video ngan sadia di layar kamera video. Kadang-kadang

kualitas video bisa langkung sae tanpa aya cahya, sanajan kondisi cahya kirang.

Hurung

Pareum

Pilihan pamandangan

Fitur Pilihan Pamandangan mantuan anjeun nyetel gancang kamera kanggo kaayaan

umum nganggo pamandangan video nu geus diprogram. Kamera nangtukeun

sababaraha setelan kanggo anjeun pikeun ngepaskeun pamandangan nu dipilih,

mastikeun video pangsaena nu bisa direkam.

Pareum

Fitur Pilihan Pamandangan pareum tur bisa ngarekam video sacara manual.

Motret lembut

Pake kanggo shooting video di latar tukang nu lembut.

Lansekap

Pake kanggo video lansekap. Kamera mokuskeun ka objek nu jauh.

Wengi

Waktu diaktipkeun, sensitipitas cahya ditingkatkeun. Pake dina kondisi cahya nu kirang caang. Video

objek nu keur ngolebat bisa jadi kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Pareuman setelan peuting lamun kondisi cahaya caang, pikeun ngaalusan kualitas video.

Basisir

Gunakeun jang video pamandangan sisi laut atawa sisi situ.

Salju

Pake dina lingkungan nu caang pikeun nyegah hasil video caang teuing.

Olahraga

Pake kanggo ngarekam video objek nu keur ngolebat gancang. Waktu nampa cahaya nu pondok

nyumputkeun gerak nu kabur.

Hajatan

Pake kanggo video di jero ruangan dina lingkungan nu kirang cahayana. Pamandangan ieu nyandak

pencahayaan latar tukang di jero ruangan atawa cahaya lilin. Video objek nu keur ngolebat bisa jadi

kabur. Tahan leungeun Anjeun sing ajeg, atawa pake pangrojong.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

89

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.