Sony Xperia E4 Dual - Make laden lokasi

background image

Make laden lokasi

Laden lokasi ngidinan aplikasi sapertos Peta sareng kamera pikeun make inpo ti jaringan

Wi-Fi® jeung inpo Sistem Posisi Global (Global Positioning System / GPS) pikeun

nangtukeun perkiraan lokasi Anjeun. Upami Anjeun teu aya di saluran panempoan satelit

GPS nu jernih, alat Anjeun tiasa nangtukeun lokasi Anjeun make pungsi Wi-Fi®.
Supados bisa make alat Anjeun pikeun manggihan lokasi Anjeun, Anjeun kudu

ngaktipkeun laden lokasi.

Ngaktipkeun ladenan lokasi

1

Tina Layar Utama anjeun, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > lokasi.

3

Sered geseran di sisi

lokasi ka katuhu.

4

Ketok

Satuju pikeun ngonpirmasi.

Pikeun ngidinan aplikasi Google ngakses lokasi Anjeun

1

Pastikeun Anjeun tos asup ka akun Google™ Anjeun tina alat Anjeun.

2

Tina Layar Utama, ketok .

3

Panggihan tur ketok

Setelan > Google > lokasi.

4

Sered geseran di sisi

lokasi ka katuhu.

5

Ketok

Satuju pikeun ngonpirmasi.

Ningkatkeun katepatan GPS

Ti mimiti anjeun make pungsi GPS dinu alat anjeun, bisa jadi butuh 5 nepi ka 10 menit

pikeun manggihan lokasi anjeun. Pikeun mantuan teangan, pastikeun Anjeun gaduh

langit nu bisa ditempo jernih. Tetep cicing tur ulah nutupan antena GPS (wewengkon nu

diwarnaan dina gambar). Sinyal GPS bisa nembus awan jeung plastik, tapi teu bisa

nembus ka objek padet saperti bangunan jeung gunung. Upami lokasi Anjeun teu

kapanggih saatos sababaraha menit, pindah ka lokasi nu sejenna.