Sony Xperia E4 Dual - Nganggo sababaraha kartu SIM

background image

Nganggo sababaraha kartu SIM

Alat Anjeun berpungsi sareng hiji atawa dua kartu SIM nu diselapkeun. Anjeun narima

komunikasi nu asup ka kadua kartu SIM tur tiasa milih ti nomer mana nu Anjeun hoyong

pake keur komunikasi kaluar. Samemeh Anjeun tiasa make kadua kartu SIM, Anjeun

kudu ngaktipkeun kartu SIM di menu setelan alat Anjeun. Upami kadua kartu SIM dikonci

sareng kodeu PIN basa Anjeun ngaktipkeun alat, Anjeun tiasa milih ngan muka konci tur

make hiji karti SIM. Maksudna, Anjeun tiasa ngaliwatan hiji kartu SIM nu kakonci.
Anjeun oge tiasa neruskeun telepon nu asup dina kartu SIM 1 ka kartu SIM 2 basa kartu

SIM 1 teu aya di luar jangkauan, tur sabalikna. Pungsi ieu disebut Kamampuan

jangkauan SIM ganda. Anjeun kudu ngaktipkeun pungsi ieu sacara manual. Tingal

Neraskeun telepon

di kaca 51 .

Pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun pamakean dua kartu SIM

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Setelan SIM ganda.

3

Cirian atawa buka tetengger kotak centang SIM1 sareng SIM2.

Pikeun ngaganti ngaran kartu SIM

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Setelan SIM ganda.

3

Pilih kartu SIM tur tuliskeun ngaranna nu anyar.

4

Ketok

OKE.

Pikeun motong kartu SIM nu kakonci basa kadua kartu SIM dikonci

1

Aktipkeun alat Anjeun, teras pilih kartu SIM nu Anjeun hoyong buka koncina.

2

Tulis kodeu PIN nu sasuai tur ketok

. Kartu SIM nu dipilih bakal dibuka koncina.

3

Basa Anjeun dipenta pikeun nuliskeun PIN kanggo kartu SIM nu kadua, ketok

Liwatan. Layar Utama nembongan tur Anjeun ayeuna tiasa make alat eta sareng

hiji kartu SIM nu aktip.

Pikeun ngaktipkeun kartu SIM nu kakonci

1

Tina Layar Utama, ketok .

2

Panggihan tur ketok

Setelan > Setelan SIM ganda.

3

Pilih kartu SIM nu kakonci.

4

Tulis kodeu PIN nu sasuai.

Anjeun tiasa oge ngaktipkeun kartu SIM nu kakonci tina Panel Bewara.